1. User shall place the following Clocklink code on a website, weblog or other internet location controlled by User, or as allowed by permission of such site owner, according to the instructions provided on Clocklink.com 2. Other than the modification options provided by Owner (type, color, time zone, etc) User shall not alter, adjust, modify the code provided in anyway without the express written permission of Owner. 3. While we make every effort to support this product, User accepts Clocklink and the Clocklink Code as is. Owner provides no guarantee or warranty that the Clocklink code will function properly on User's site or with every browser and Owner shall not be liable to User or any third party for any damage or loss incurred, monetary or otherwise, directly or indirectly, as a result of the use of the Clocklink or the Clocklink code. If User has any difficulty with Clocklink, you should contact Owner at the Contact Us page on Clocklink.com. User's sole remedy for problems caused by the Clocklink code is to remove the tag from User's website or other location. 4. Owner shall retain the all rights and ownership of Clocklink and the Clocklink code and may terminate User's use of the same without notice and at any time. 5. This agreement shall be governed by the laws of the United States and the State of Washington. User agrees that if legal action is required to enforce the terms of this agreement, venue shall be in the courts of King County, Washington, USA.

Selasa, 14 Maret 2017

Teks Biantara Bahasa Sunda "Miara Lingkungan Hirup"




Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh....!
Sampurasun......!
Sugrining puji mangga urang sami-sami sanggaken ka hadirat Illahi Robbi,pangeran anu murbeng alam. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor ka jungjunan alam,nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana,parasohabatna, sareng para umatna tug dugiken ka ahir jaman.

Alhamdulillah,dina danget ieu ku kersaning Allah SWT urang tiasa riung munpulung di ieu tempat dina raraga Pasanggiri Biantara. Sim kuring ngahaturken sewu nuhun laksa keti kabingahan ka rengrengan panata calagara anu parantos maparin waktos kanggo ngiring jabung tumalapung dina ieu waktos. Mugia bae anu do pedar ku sim kuring teh sasieureun sabeunyereun aya mangpaatna kanggo urang sadaya.

Girang pangajen anu ku sim kuring di pihormat...........!
InsyaAllah dina danget ieu sim kuring baris medar jejer " Miara Lingkungan Hirup"

Hadirin....!
Sadayana parantos uningan yen wewengkon anu dijantenkeun padumukan ku urang sadayana teh tatar Sunda anu tos kamashur ti kapungkur,kakoncara ti baheula. Ieu hal teh sanes mung saukur di balukarkeun ku legana sareng karancagean masarakatna anu ngajanggelek dina wangun budaya. Namung,di barung ku kaendahan alam sareng segerna hawa alam ti padesaan dugi ka pakotaan,ti basisir dugi ka pagunungan. Cai nu mangrupa lambang kasuburan ngamalir sakumaha mistina ti pagunungan ka solokan,ka wahangan,ka walungan tur muara di sagara,

Girang pangajen anu ku sim kuring di pihormat....!
Mun pareng nyoreang ka mangsa katukang,ku endah neteup pagunungan anu hejo ngemploh,ku tingtrim nyawang pamayang nu ngangkleung di tengah sagara,ku bagja nempo barudak kokojayan bari gogonjakan di wahangan.

Hadirin.....!
Kumaha mangsa kiwari ? kawasna matak ngangres. Rupaning leuweung kayaning leuweung gerotan, leuweung larangan,leuweung ganggong simagonggong,leuweung sisumenem jati tea,taya nu ngari. Nu aya ngan tunggul-tunggul anu parentul. Kitu deui,pasir-pasir padabulistir. Temahna ka urang,usum hujan,usum halodo ges teu ngawanci. Nu jadi patani,pamayang,tur pakasaban sejena loba nu humandeuar. Katambah ku musibah anu karandapan kayaning caah dengdeng,caah rongkah,kaurugan, atawa kakurangan cai.

Hadirin....! 
Kumaha ketak urang? Naha baris cicing bae ngabandungan lemah cai kadeudeuh urang digalaksak ku jalma-jalma nu teu mibanda tanggung jawab? tangtu hente. Urang utamina nonoman sunda anu mibanda rasa kasundaan tong cileuereun. Geura ketrukeun elmu panemu,papatkeun jampe pamake pikeun mulangkeun deui Ki Sunda ka alamna nu pinuh ku kaendahan,katengtreman,tur katingtriman.

Girang pangajen anu ku sim kuring di pihormat....!
Saleresna seueur nu tiasa dipilampah ku uranh,utamina paranonoman enggoning ngaraksa tur ngariksa lingkungan teh. Salah sawios tarekah nu panggampilna nyaeta miara karesikan tur kaendahan padumukan. Hal anu tiasa di pilampah tumali sareng karesikan,tangtosna oge aya patula-patalina sareng runtah. Runtah nu biasa identik jeung bau,kotor,tur pikagilaeun tiasa dimangpaatkeun janten berak pepelakan atanapi barang daur ulang nu endah tur camperenik. Malah,kelas tempat urang di ajar tiasa dihias ku barang-barang nu biasa di piceun ka tempat runtah. Anapon nu patali sareng kaendahan,tiasa dipilampah ku cara ngahejokeun pakarangan. Rupaning tutuwuhan ti ngawitan kekembangan,obat-obatan,dugi ka lalab rumbah tiasa di pelak. Tinangtos mangpaatna manglipet-lipet..

Ibu,Bapa, miwah kadang wargi anu ku sim kuring di pika hormat...!
Dina danget ieu sim kuring umajak ka sadayana,hayu urang kawitan ngajaga tur ngariksa lingkungan sabudeureun,urang pitembeyan ngarawat tur ngarumat lingkungan teh ti nu basajan. Saupami sadayana mibanda sikep tur paripolah samodel kitu,Insya Allah tatar sunda anu adem ayem tur tiis tingtrim bakal ngawujud. 

Hadirin anu ku sim kuring di hormat.
Mung sakitu anu kapihatur. Urang tendeun di handeuleum sieum geusan sampereun, urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun. Hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh. 

Related Posts:

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.