TALATAH
Cing hariring
pang nepikuen salam kuring
deudeuh nyaah asih tingtrim
naha talatah taya waleran
duh aduh dirungrum kabingung
Cenah mah seueur wagelan
piraku rek nyapirakeun
kedah kumaha, kedah kusaha
sono bogoh...hoyong amprok
paduduaan rek sosonoan
Cing kakasih masing tingtrim dina ati
jangji surti masing bukti
jirim kamari ka impi impi
nung geulis pupujaning ati
Sawios abdi nu ngantos
sawios ukur harewos
salam kanyaah, salam katresna
deudeuh nyaah...salamina
seja talatah kanggo salira
Keur kakasih titip diri sakanyeri
abdi jangji satia saati
keur kakasih moal bade nganyenyeri
Kanyaah sadaya kanggo salira
imutna, teuteupna, deudeuhna, rindatna
masing percanteun.
0 komentar:
Posting Komentar